Saturday, June 7, 2008

tambelar

punten mangrebu punten duh blogspot rumasa jadi tambelar,jarang carita deui, bongan kuring ngurusan blog nu lain (he he he....) lantaran kuring teu hayang campuradut jiga kamarina, ayeunamah urusan pagawean nieun blog sorangan, jeung urusan software dikumpulkeun di http://doyandownload.blog.com.

salian eta ngurusan oge karesep barudak, di blog nu lain (moal dicaritakeun ah eta mah ).
ah mendingan ngadongeng tentang vietnam nya, ayeuna usum hujan didieu(vietnam), ampir ungal poe hujan, duh tiriiiis. kuring syeuna mah geus teu meuting di hotel deui ( barabe lah kudu bulak balik tiap poe), jaba saban ngaliwatan pintu utama penjagaan, eta penjagana sok nanya passcard, lantaran kuring asup ka daerah teretori tentara. kadang mun keur blegug mah kuring teu dibere asup , nya geus kuring balik deui kahotel tuluy molor.

punten upami ieu blog tereh dirombak deui kapayuna ,tapi kuring masih make link2 nu aya didieu ah jigana moal waka digawean lantaran lebar, tapi kadang aya jalma blegug sok ngagunakeun link ka ieu blog pikeun iseng, atawa nulain.

ah bodo teuing ketang.